|
|
 |
|
 |
|
|
Lowongan Perwakilan Biro Radar |
| |
oleh : redaksi radar, Jakarta |
| |
Radar.co.id membuka lowongan untuk perwakilan Biro diseluruh Indonesia, dengan syarat :
a. Penga... |
| |
|
|
JUAL RUMAH DILEMBAH APARTEMEN |
| |
oleh : d triarso, JAKARTA PUSAT |
| |
DIJUAL :
Bekas Rumah Dinas dilembah / dikelilingi Apartemen Kemayoran. LT/LB 171/110, 2 KT, 1 Gudg,... |
| |
|
|
DELL A840 Vostro |
| |
oleh : win, Jakarta |
| |
Jual males make, DELL VOSTRO A840 dual core 1,86GB, HDD 120GB, RAM 3GB, VGA X3100 350MB, WIFI, Bluet... |
| |
|
|
|
 |
|
 |
|
|
 |
 |
 |
| |
|
|
 |
 |
 |
| |
|
|
| |
|
|
| |
Senin, 15/06/2009 [00:08:17] |
|
| |
puisi |
|
| |
Ceuk Saha |
|
| |
rolles [Jakarta] |
|
| |
|
|
| |
Kumpulan Puisi karya Johan Shallu,
puisi yang menggambarkan keadaan saat ini dengan berbagai pernak perniknya. Puisi disajikan dengan gaya bahasa Sunda yang halus dan santun tetapi tetap kritis. Silahkan dibacaCeuk Saha
Ceuk saha urang hirup nuturkeun jaman
Ceuk saha jaman ayeuna beda
Ceuk saha?
Dunya mawa rasa jeung kahayang
Mawa hate pikeun urang, ngatur lengkah
Ngajajap rasa kamelangmikeun salah,
lain bener
Nincak goreng dina jalan salah
Pamunut saha nu alim
Pengersa nu maha kawasa
Kedal letah hese rek pok
Geuning hirup nu kawasa
Mawa diri nu kasasar
Nyandak leres, dina jalan
Bari tungkul ka sarakan
Hayang tanggah kana suhunan
Mungguhing geuning hirup ngalakon
Aya judul ceuk saha hampura teu aya
-2009-
Jalma Ayeuna
Caritaan jeung rumawuh
Sorot soca anu sedih
Cai hujan tina panon
Ngeclak kanan pipi kenca
Arek henteu bisa
Nu nyarita ukur hate
Lieuk euweuh ragap taya
Arek geus kudu kumaha
Naha geuning hirup teu hurip
Nuhirup beuki harirup
Harirup heunteu rumasa
Meunang hirup tinu leutik
Nu leutik katalangsara
Kahayang sidik nyarita
Kanyaah henteu karasa
Geuning kieu buktina
Sulaya tina janjina
-2009-
Kumaha Ayeuna
Ari geus kudu kumaha
Takdir urang ukur manusa
Saukur bisa nyarita
Menta-menta kanu Kawasa
Robah hirup ku nyalira
Nyaliara dina jero dada
Maksakeun urang sasadu
Hampura tos pasti aya
Datang peuting cirining poek
Tos puguh beurang mah caang
Naha naon urang di dunya
Saukur nuturkeun raga
Nuluykeun tilas baheula
Laksana dunya akherat
-2009-
Jalma Ayeuna
Nyarita ukur paribasa
Euweuh senang ukur susah
Ngarenghap ukur sumehah
Caritaan ukur kasusah
Estuning da saeunyana
Geuning bener jiga ayeuna
Lir ibarat budak ceurik
Batan meuli kalah menta
Kurangna mah bisa nganjuk
Jadi hutang keur di dunya
Saleuwihna ngusap dada
Euweuh hasep anu ngebul
Nambahan eusina dapur
Kurangna menta ka batur
Leuwih alus urang tafakur
Munajat loba syukuran
Cukur buuk lain ku gunting
Guntingna kakurangan urang
Cukuran kasalahan urang
Ganti salah kunu bener
Mimitian kunu sae
Da puguh jalma ayeuna
Loba poho batan inget
Komo batin nu kasiksa
Samemeh urang cilaka
Langkung sae urang rumasa
Geuning letak nu butak botak
Mohokeun kanu Kawasa
-2009-
Jaman Ayeuna
Manusa sagala aya
Manusa sagala loba
Manusa ukur manusa
Teu nyaho saha nu apal?
Nyahona ukur ayeuna
Da puguh jaman ayeuna
Jamana sagala aya
Aya nu senang loba nu susah
Kahayang ukur hariwang
Sieun salah tina bener
Sabab, hirup jaman ayeuna
Lain jaman anu baheula
Sadaya-daya ukur rumasa, pabaliut
hirup jeung dosa
Iwalti hiji-hijina, teu aya bilangan dua
Munajat kanu Kawasa, rumasa urang manusa
Teu bisa daya upaya
Da kabeh bongan manusa
Sagala-galana ngan ukur sementara
-2009-
Kudu Kumaha
Teu kudu kukumaha
Teu kumaha-kumaha
Nu kumaha ayeuna
Ayeuna urang antosan
Ngantosan pituduh nu bakal dongkap
Naha sae atawa awon, sumawona
Kasaean. Nya atuh kudu kumaha
Eta ukuran pikeun manusa
Nu hirup pikeun ayeuna
Sujud lain tungkul keur salat
Tanggah lain ukur menta hampura
Nu puguh kudu jeung bukti. Hayu
Tungkul kana suhunan. Urang tanggah
Ka kasarakan,munajat mementa-menta
‘ nyarita jeung basa
Sanggakeun sadaya-daya, ngan ukur
Kanu Kawasa. Sing tobat gede rumasa
-2009-
Catatan Redaksi : seluruh keaslian puisi diatas menjadi tanggung jawab pengirim, bila anda ingin mengadukan komplain atas karya diatas, silahkan tanyakan staff kami melalui kontak - kr - |
|
| |
|
|
| |
|
|
| |
|
|
| |
Anda ingin memasang banner? hubungi kami di : 021 - 6833 5800 |
|
 |
 |
 |
| |
|
|
| |
|
|
|